Selasa, 18 Januari 2011

Parabotan jeung Pakakas Urang Sunda

Dina kahirupan sapopoe urang tangtu salawasna ngagunakeun pakakas. Pakakas ngabogaan guna nu utama pikeun ngagampangkeun pagawean manusa. Patani bisa ngagarap sawahna ngagunakeun pacul. Sangu nu ku hidep dahar unggal poe asalnamah apan tina pare anu ditumbuk make lisung.
Ayeunamah pakakas saperti kitu teh geus langka kapanggih. Jaman geus canggih, ngagarap sawah bisa ngagunakeun traktor. Pon kitu deui ngolah pare jadi beas oge ngagunakeun mesin. Tapi sanajan kitu sabenerna urang teh teu kudu apal kana pakakas-pakakas jaman baheula teh, sabab eta teh mangrupakeun paninggalan budaya anu kudu dilestarikeun.
Tah di handap ieu aya sababaraha pakakas anu ku hidep kudu apal.

  • Lisung
Lisung nyaeta alat paranti nutu banguna siga parahu.

  • Ayakan
Ayakan nyeta parabot paranti ngala lauk jeung paranti ngayak. Ngayak= misahkeun barang nu badag jeung nu lembut.

  • Haseupan
Haseupan nyaeta alat paransti nyieun sangu/tumpeng. Biasana sok dipasangkeun jeung seeng.

  • Nyiru

Nyiru teh parabot anu gunana pikeun napikeun beas atawa pare.

  • Kohkol
Kohkol teh nyaeta parabot paranti mere tangara/beja/tanda.

  • Siwur
Siwur teh parabot paranti nyiuk/nyokot cai.

  • Sinduk
Sinduk nyaeta parabot paranti ngagalok-gaok pasakan.

  • Teuleupok



  • Pacul
Pacul nyaeta parabot paranti malik-malikeun taneuh.

  • Kujang
Kujang nyaeta pakarang asal jawa barat /tatar sunda.

3 komentar:

  1. sae kang etang-etang ngalestarikeu ciri khas titinggalan urang sunda, ari kaanggonamah teu kedah ayeuna wae.

    BalasHapus
  2. muhun kang, ayeuna zaman modern, barang" serba canggih, tapi urang oge kudu ngalestarikeun titinggalna urang sunda anu teu kaetang ku harga..

    BalasHapus
  3. Gan, File Wacraft'a kaga isa di download ne..
    File Removed..
    Tolong upload lagi dunk plis..
    Balas...

    BalasHapus

Baca juga ini..